Jumat, 12 Mei 2023

Carita Ngeunaan Lalab

oleh Fadly Rahman

 

Masarakat Sunda boga budaya jeung pangaweruh anu paheut jeung alam sabudeureuna. Kukituna, dina kabudayaanna, masarakat Sunda boga hiji ciri khas dadahareun nu kasohor jeung jarang dibogaan ku budaya kulinér lianna di Indonésia. Dadahareun nu dimaksud nyaéta lalab.

Nu dimaksud lalab nyaéta rupa-rupa pupucukan, dangdaunan, bongborosan, beubeutian, bubuahan, kekembangan, jeung sisikian nu ngareunah tur ngandung khasiat upama dipaké deungeun sangu. Didaharna aya nu mangrupa atah jeung aya ogé nu diasakeun.

Salian mangpaat pikeun kadaharan, lalab ogé boga mangpaat pikeun kaséhatan. Dina kandungan lalab aya sumber énérji di antarana karbohidrat, lemak, protein, vitamin, jeung mineral. Lalab umumna didahar bari dicocol kana sambel tarasi atanapi langsung dina coét.

Yén  kitu, lalab sabenerna lain ngan saukur dicoél sambel wungkul, tapi bisa diolah jadi sagala rupa kadaharan. Sababaraha conto kadaharan Sunda anu bahan dasarna lalab di antarana karédok, ulukutek, pencok, jeung loték. Salian ti nu tadi disebut, lalab ogé biasana sok dijadikeun deungeun sangu rupa-rupa olahan tina bahan hayam, lauk, témpé, tahu, jeung oncom nu digoréng, dibeuleum, dipais atawa dipépés.  

Dina jaman kiwari umumna rupa-rupa lalab nu biasa didahar téh di antarana buncis, bonténg, kacang panjang, salada, tomat, térong, surawung, jeung leunca. Jenis sayuran anu asup kana rupa ahéng alias éksotik siga peuteuy jeung jéngkol dipaké ogé keur ngalalab.

Sanajan kitu, sabenerna aya loba rupa tutuwuhan nu geus dijadikeun lalab ku urang Sunda ti jaman baheula. Ngarujuk ka buku Lalab-Lalaban nu ditulis ku R. Isis Prawiranegara taun 1943, réa kénéh anu nyangka yén lalab nu ngareunah téh ngan anu sok ngahaja dipelak pikeun lalab atawa sayuran baé, kayaning saukur bonténg, kacang, lobak, térong, bit, wortel, jeung engkol wungkul. Teu kabéh nyaraho, yén di alam Sunda téh réa pisan rupa-rupa tutuwuhan nu bisa dijadikeun lalaban jang bahan dahareun sapopoé.   

Dina buku seratan Isis, aya 83 jenis tutuwuhan nu biasa dijadikeun lalaban ku masarakat Sunda. Sabenerna jumlah jenis lalab téh leuwih ti sakitu. Saur Isis : “saenyana  nu ditataan dina ieu buku téh ngan sabagian leutik pisan tina sajumlahing tutuwuhan nu beunang dilalab, upama kabéh kudu ditetek, meureun aya rébuna rupa”. Sababaraha contona nu bisa disebut di dieu nyaéta reundeu, jukut sélong, gandaria, kastuba, putat, jaat, turi, bunut, kimpul, jeung téspong.

Kusabab réa pisan bahan lalab, Prof. Unus Suriawiria dina bukuna Lalab dalam Budaya dan Kehidupan Masyarakat Sunda (1987) nyebutkeun tina 80 jenis kadaharan masarakat Sunda nu dikumpulkeunna, 65% di antarana nyaéta rupa-rupa tutuwuhan nu biasa dijadikeun lalaban – sésana nu 35% lalaukan jeung dadagingan. 

Nilik panalungtikan Prof. Unus éta, ngabuktikeun yén masarakat Sunda téh mémang paheut pisan kana konsumsi lalaban. Sahenteuna éta ngabuktikeun ogé kualitas kaséhatan masarakat Sunda jaman baheula nu dipercaya jauh ti panyawat siga asam urat, koléstérol, jeung jantung koronér kusabab kabiasaan sapopoé ngadahar rupa-rupa lalaban. Salian ti éta aya kapercayaan ogé yén awéwé Sunda téh boga kulit bersih jeung alus kusabab mineng dahar lalaban siga bonténg, surawung jeung térong nu saé pisan jang kaséhatan kulit.


Budaya Lalab kudu Dilestarikeun

Budaya lalab sorangan geus lila pisan ngadeg dina kabudayaan Sunda nu malahan geus dikenal ogé ku masarakat Jawa buhun. Buktina bisa ditilik ti hasil panalungtikan arkeologi ti abad ka-10 M. Disebutkeun dina Prasasti Panggumulan (824 Saka/902 M) ti Jawa Timur aya ngaran bahan-bahan dahareun tina sayuran di antarana rumwah nu hartina lalaban, kulub nu hartina lalaban nu dikulub, jeung tetis nu hartina sambel.

Kos kumaha rupa lalab jaman harita téh? Bisa jadi tutuwuhan khas di padésaan nu aya di Tatar Sunda, contona siga antanan, gelang, gewor, godobos, jotang, jongé, sintrong, senggang, bunut, koang, kosambi, kemang, kihapit, lampeni, marémé, jeung putat.

Aya ogé tutuwuhan siga cabé, engkol, wortel, salada, sampeu, jeung buncis nu awalna mah lain kaasup lalaban khas Sunda. Eta tutuwuhan sabenerna asalna ti banua Amerika jeung Eropah nu dibawa ku padagang-padagang ti Spanyol, Portugis, jeung Walanda di abad ka-16. Salian éta aya ogé tutuwuhan nu asalna ti Cina siga kangkung jeung lobak nu ayeuna geus kaasup lalaban. Lila-kalilaan éta rupa-rupa tutuwuhan asing dipelakan di loba pasawahan jeung pakarangan imah di Tatar Sunda.

Taneuh di Tatar Sunda nu subur ngajadikeun sagala rupa tutuwuhan boh nu lokal boh nu asing tumuwuh subur. Tapi kusabab jaman kiwari rupa-rupa pangwangunan ti mulai imah penduduk nepi ka gedong-gedong beton geus ngadeg di mana-mana, ahirna loba lahan-luhun tutuwuhan nu kagusur.

Saur Abah Enung, salah saurang sesepuh di Leuweung Kaléng nu gaduh perhatosan ka élmu tutuwuhan, ayeuna mah loba masarakat Sunda nu teu apaleun deui kana ngaran-ngaran tutuwuhan téh. Wajar da lahanna ogé pan geus béak ku rupa-rupa pawangunan téa. Kondisi ieu jelas ngahariwangkeun pisan jang kalangsungan lalab salaku identitas budaya Sunda warisan karuhun urang.

Ku matak kitu, hayu urang lestarikeun deui rupa-rupa tutuwuhan lalab; carana bisa liwat melak binihna di pakarangan imah atawa minimal di pot. Ngalestarikeun budaya lalab gedé pisan mangpaatna supaya anak incu urang engké henteu pareumeun obor kana budayana sorangan. Der, ah!   ***(Fadly Rahman/ Sumber: Koran Noong)

                       

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar